|
|
|
![]() |
|
| Motto | - |
| Propinsi | Jawa Kulon |
| Ibukota | {{{ibukota}}} |
| Lega Wilayah | 12,15 km² |
| Kordinat | - |
| Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
278.418 (2003) 22.915 jiwa/km² |
| Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
7 - |
| Dasar hukum | - |
| Tanggal | - |
| Walikota | - |
| Kode area telepon | 0266 |
| DAU | Rp. - |
|
Situs web resmi: - |
|
Kota Sukabumi nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Kota ini ayana 115 km kiduleun Jakarta, tur wilayahna aya di tengah-tengah wilayah Kabupatén Sukabumi. Kota Sukabumi kawengku ku 7 kacamatan nu kabagi deui kana sajumlah kalurahan.
Ngaran kota Sukabumi asalna tina basa Sunda, nyaéta Suka-Bumen. Numutkeun katerangan, hal ieu alatan hawana anu sejuk jeung merenah, singsaha wae anu datang ka daerah ieu moal hayang pindah deui sabab maranehna suka/seneng bumen-bumen atawa dumuk/nganjrek di daérah ieu.
Dina taun 1914, pamaréntah Walanda ngajadikeun kota Sukabumi minangka Burgerlijk Bestuur kalayan status Gemeente, alesannana nyaéta yén di kota ieu loba nganjrekurang Walanda jeung Éropa nu miboga pakebonan-pakebonan nu aya di daérah Kabupatén Sukabumi beulah kidul nu kudu dibéré pangurusan jeung palayanan nu istiméwa.
Ti saprak ditetapkeunnana Sukabumi Daérah Otonom dina bulan Mei 1926 mangka resmi diangkat “Burgemeester” nyaéta Mr. GF. Rambonnet. Dina mangsa ieu diwangun Stasion Kereta Api, Masjid Agung, gareja jeung pembangkit listrik. Sabadana Mr. GF. Rambonnet maréntah aya tilu “Burgemeester” nu ngaganti, nyaéta Mr. W M Ouwekerk, Mr. A L A Van Unen jeung Mr. W J Ph Van Waning.
|
Kota Sukabumi, Jawa Kulon |
|
|---|---|
|
Kacamatan: Baros | Cibeureum | Cikolé | Citamiang | Gunungpuyuh | Lembursitu | Warudoyong |
|
|
||||||||||||||
stock | retire | vm
Why are we here?
All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License
This page is cache of Wikipedia. History