![]() |
|
|
|
|
| Motto | Tata Tengtrem Kerta Raharja |
| Propinsi | Jawa Barat |
| Ibukota | Garut |
| Lega Wilayah | 3.065,19 km² |
| Kordinat | - |
| Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
2.260.000 (2003) 737 jiwa/km² |
| Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
42 19 kalurahan,400 désa |
| Dasar hukum | - |
| Tanggal | 17 Maret 1813 |
| Bupati | Aceng Holik M. Fikri |
| Kode area telepon | 0262 |
| DAU | Rp. - |
|
Situs web resmi: http://www.garut.go.id |
|
Garut mangrupakeun salasahiji kabupatén di propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Legana 3065.19 km² (1183.48 mi²), nu sacara géografis, aya di antara 6°57′34″ – 7°44′57″ Lintang Kidul jeung 107°24′34″ – 108°7′34″ Bujur Wétan. Wawatesanana,
Daptar eusi |
Sacara umum, Garut mibanda iklim tropis tapi tiis, suhu hawa rata-ratana 24 °C (76 °F). Curah hujan taunan rata-rata 2,590 mm (102 inci). Wilayah ieu ngawengku wewengkon lembah nu dikuriling ku gunung api (Gunung Karacak 1838 m, Cikuray 2821 m, Guntur 2249 m, Papandayan 2622 m) di béh kalér, nu luhurna rata-rata 700–750 m luhureun beungeut laut.
Dina 2 Maret 1811, Kabupatén Balubur Limbangan direbut ku Gubernur Jéndral Herman W. Daendels (tentara kolonial Walanda) sahingga bupatina, Tumenggung Wangsakusumah II, turun. Kabupatén Balubur Limbangan ngawengku 6 subdistrik: Balubur, Malangbong, Wanaraja, Wanakerta, Cibeureum, jeung Papandak.
16 Pébruari 1813, Kabupatén Limbangan anyar diadegkeun ku Thomas S. Raffles nu salajengna robah jadi Kabupatén Garut. RAA. Adiwijaya jadi Bupati munggaran Kabupatén Garut. Bupati nu katelah Dalem Cipeujeuh ieu jeneng bupati ti taun 1813 nepi ka 1821.
Titi mangsa ngadeg 17 Maret 1813.
Di handap ieu béréndélan bupati Garut ti mimiti ngadegna Kabupatén Limbangan di Suci (anyar) nu lajeng robah jadi Kabupatén Garut.
Sacara administratif, Garut kabagi jadi 42 kacamatan, 400 désa jeung 19 kalurahan, nu pangeusina 2,173,623 jiwa (40% lalaki, 40% istri, 20% waria).
Dumasar topologina, Garut dibagi jadi dua wilayah:
Aya loba tempat wisata di Garut, ti mimiti wisata basisir di kidul nepi ka panorama pagunungan, kawah, situ, jeung curug. Malah geus ti jaman kolonial Walanda kénéh Garut kawentar salaku salasahiji tujuan wisata, boh keur wisatawan lokal atawa luar, nepi ka katelah salaku "Swiss van Java". Sababaraha obyek wisata nu aya di Garut diantarana:
Kasuburan taneuh teu rata kapangaruhan ku pagunungan, walungan, jeung tatar handap basisir, sahingga usaha tatanén nu loyog nyaéta perkebunan kawas entéh, ogé tani (sawah & huma), sayur, peternakan, sarta ngokolakeun leuweung.
Sababaraha hasil bumi Garut nu has di antarana,
|
||||||||||||||
|
Kabupatén Garut, Jawa Barat |
|
|---|---|
|
Kacamatan: Banjarwangi | Banyuresmi | Bayongbong | Balubur Limbangan | Bungbulang | Caringin | Cibalong | Cibatu | Cibiuk | Cigedug | Cihurip | Cikajang | Cikelét | Cilawu | Ciséwu | Cisompét | Cisurupan | Garut Kota | Kadungora | Karangpawitan | Karangtengah | Kersamanah | Lélés | Leuwigoong | Malangbong | Mekarmukti | Pakenjeng | Pameungpeuk | Pamulihan | Pangatikan | Pasirwangi | Peundeuy | Samarang | Selaawi | Singajaya | Sucinaraja | Sukaresmi | Sukawening | Talégong | Tarogong Kalér | Tarogong Kidul | Wanaraja |
|
stock | retire | vm
Why are we here?
All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License
This page is cache of Wikipedia. History