|
|
|
|
|
|
| Motto | Gemah Ripah Wibawa Mukti Sunda: "Tanah Subur Rayat Makmur" |
| Propinsi | Jawa Barat |
| Ibukota | {{{ibukota}}} |
| Lega Wilayah | 167,67 km² |
| Kordinat | - |
| Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
2.510.982 14.973,06 jiwa/km² |
| Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
30 151 |
| Dasar hukum | - |
| Tanggal | 25 September 1810 |
| Walikota | Dada Rosada |
| Kode area telepon | 022 |
| DAU | - |
|
Situs web resmi: www.bandung.go.id |
|
Bandung (Éjahan Basa Indonesia heubeul: Bandoeng) mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat, Indonésia. Aya di dataran luhur plateau 768 meter (mean sea level) di saluhureun laut, di daérah kaler luhurna nya eta ±1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta ±675 msl, ti kordinat 107° BW (Bujur Wétan) jeung 6° 55’ LK (Lintang Kidul), legana kota Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikuliringan ku pagunungan, jadi mangrupakeun cekungan (Bandung Basin) sesa dano Bandung anu kabentuk alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 yuta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah "suburban" sakuriling Kota Bandung.
Daptar eusi |
Taun 1488, wewengkon nu kiwari disebut Bandung téh mangrupakeun wewengkon kakawasaan karajaan Sunda-Pajajaran. Dina mangsa dijajah Walanda, pamaréntah kolonial Hindia-Walanda ngawangun jalan nu nyambungkeun Batavia (kiwari Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Cirebon. Hal ieu penting pikeun tumuwuhna Bandung. Malah pamaréntah jajahan geus ngarencanakeun yén wewengkon Bandung téh rék dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia-Walanda, ngan teu jadi alatan kajadian Perang Dunya II.
Can katalungtik kumaha diwangunna kota Bandung. Nu jelas, kota ieu diwangun lain dumasar paréntah Daendels (gubernur jéndral Hindia-Walanda). Kota Bandung diwangun dumasar paréntah Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II.
Sanggeus Indonesia mardika, Bandung jadi ibukota propinsi Jawa Barat.
Di handap ieu dibéréndélkeun nu kungsi jadi pamingpin kota Bandung (walikota):
Motto Bandung kiwari unina "Gemah Ripah Wibawa Mukti", sakumaha nu sok kabaca dina lambang Kota Bandung, nu hartina 'tanah subur rahayat makmur'.
Kota Bandung dibagi kana 30 kacamatan:
Bandung kawentar ku lobana wangunan warisan arsitéktur Walanda:
Ciri séjén:
Sarana transportasi utama di Bandung nyaéta angkot (angkutan kota) kalayan rute-rute anu geus tinamtu. Aya ogé taksi anu jumlahna henteu pati loba, tapi éta oge henteu populér. Beus nyadiakeun rute transportasi pikeun di jalan gedé tur jarakna anu jauh.
Jalan karéta api ngahubungkeun Bandung ka Jakarta jeung Cianjur ka beulah kulonna, sarta Tasikmalaya jeung Cilacap ka beulah wétanna. Karéta ogé mangrupakeun transportasi utama pikeun wilayah tatangga kaasup Cimahi, Padalarang, Rancaékék jeung Cileunyi nu perlu bulak-balik ka Bandung unggal poéna.
Bandara utama di Bandung nyaéta Husein Sastranegara, nyadiakeun penerbangan ka kota gedé-kota gedé di Indonésia.
Sasak Pasupati diwangun pikeun ngahubungkeun beulah kalér jeung beulah kidul Bandung ngaliwatan lembah Cikapundung. Panjangna 2.8 km kalayan lébar 30-60 meter.
Jalan tol Padaleunyi ngahubungkeun Padalarang, Cimahi, beulah kidul Bandung jeung Cileunyi. Jalan tol nu ngahubungkun Padalarang jeung Purwakarta oge geus bérés diwangun, disebut Cipularang (Cikampék-Purwakarta-Padalarang) nu mangrupakeun jalan panggancangna nuju ka Jakarta. Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Cirebon ogé geus direncanakeun pikeun diwangun.
Di Kota Bandung loba tempat pendidikan nu geus kasohor ku urang balarea diantarana nyaéta :
Ditambih deui sakola SMU negeri sareng swasta nu janten favorit di Bandung nyaéta:
Bandung jeung sabudeureunnana mibanda atraksi wisata nu réa, diantarana:
Bandung oge kasohor ku outlet pakéannana, nu narik pangunjung ti kota-kota sabudeureunnana (hususna ti Jakarta), utamana nalika ahir minggu jeung poéan peré:
Loba kadaharan di Bandung. Bandung ogé kasohor ku dahareun hasna, saperti peuyeum.
Bandung narik loba wisatawan ti Jakarta, nu kadang-kadang nyababkeun kamacétan lalu- lintas. Pangpangna nalika askabeh warga Jakarta keur liburan alatan APEC Convention, lalu-lintas di Bandung macét total leuwih ti 8 jam.
Bandung ogé mangrupakeun ngaran hiji inuman Malayu nu dijieun tina susu nu dicampur ermawar.
|
||||||||||||||
|
Kacamatan: Andir | Antapani | Arcamanik | Astanaanyar | Babakanciparay | Bandung Kidul | Bandung Kulon | Bandung Wétan | Batununggal | Bojongloa Kalér | Bojongloa Kidul | Buahbatu | Cibeunying Kalér | Cibeunying Kidul | Cibiru | Cicéndo | Cidadap | Cinambo | Coblong | Gedébagé | Kiaracondong | Léngkong | Mandalajati | Panyileukan | Rancasari | Régol | Sukajadi | Sukasari | Sumurbandung | Ujungberung |
|
stock | retire | vm
Why are we here?
All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License
This page is cache of Wikipedia. History